......Saur Prabu Siliwangi ka balad
Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang: Lalakon urang ngan nepi ka
poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang
mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia
mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang
sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi
Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal
ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah
sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.
Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu
jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu
ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya,
geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah
kulon!
Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan,
masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal
maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal
kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak!
Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia
lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka
batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu
rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé
sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di
Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak!
Tapi ulah ngalieuk ka tukang!
Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun!
Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan
dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga
kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu
anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!
Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal
dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan
nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna.
Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun
ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu
rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu
sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang;
teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu,
Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran
moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari,
bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu
laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu
marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
Engké bakal réa nu kapanggih,
sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu
wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan,
ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu
satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna?
Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul.
Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun,
sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris
loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba
lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon.
Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju
nitis dipinda sukma.
Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan
urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun
dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan,
sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti
harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik
waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.
Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk;
laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi.
Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu
lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti
lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu
ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun
jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan
urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku
monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah
béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét.
Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk
dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh
kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari
nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui
lalakon.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara
kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat!
Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading.
Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung
aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur
disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu
bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa;
ngamukna teu ngilik bulu.
Nu barodas dibuburak, nu harideung
disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina
tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu
nyapih; nu nyapihna urang sabrang.
Laju ngadeg deui raja, asalna jalma
biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri
pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti
harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus
témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di
urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung
rajana lain teureuh Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi raja, raja
buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang
ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja
buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing
garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani
ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin
hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut
salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma
tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah
paré loba nu teu asup kana aseupan............................. Da bonganan, nu
ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba
teuing, ngan pinterna kabalinger.
Ti dinya datang budak janggotan.
Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur
sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger,
hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum,
haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku
arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur
batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
Sing waspada! Sabab engké arinyana,
bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana
arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin
hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman
manusa dikawasaan ku sato!
Jayana buta-buta, hanteu pati lila;
tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin
reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha
mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur
laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu
garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan.
Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing.
Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.
Nu garelut laju rareureuh; laju
kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak,
béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi
kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak
angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku
handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék
marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan
jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak
Cawéné!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur
ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun
Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat.
Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana.
Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil
nu sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta
ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi, ulah
ngalieuk ka tukang!
No comments:
Post a Comment